Selasa, 24 Maret 2009

surat ti nini

Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran
Bingung
Is Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.
Patugas : Aya nu tiasa di bantos In?
Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya
Parangkona?
Patugas : Aya atuh In piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon
Deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga In Ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!
Terus we petugas the nulis surat nu sakitu panjangna di dikte Ku Is Nini.
Geus anggeus nya dibikeun ka Is Nini supaya di aos heula.
Patugas : Mangga di aos heula In!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura
Nini upama tulisanana butut!
Patugas : He, ari is Nini ....!
Geus Cageur
Aki : Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?
Incu : Atos Ki!
Aki : Kumaha ngabejakeunana ?
Incu : Pa Ustad, tahlilan the teu cios...
Sibuk
Dupi Bapa na aya kitu ? Ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima ETA telepon ngajawab bari haharewosan : Aya, tapi
Nuju sibuk.
Ari Ibu ?
Sami, mamah GE nuju sibuk, ceuk budak bari angger ngaharewos.
Saha deui atuh anu aya didinya ?
Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk; angger ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, Naha nuju saribuk naon atuh neng ?
Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng
Manuk
Sabaraha mang manuk ieu hargana ? Ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh anu cicing bae, ETA
Mah dua juta, bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
Har, naha bet Mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?
His, pan ETA anu nyiptakeun laguna...!!
Ibu-ibu jeung Ibu-ibu
Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana : Kapaksa
Kuring mah menta ditalak ka salaki.
Naha, kunaon kitu ? Ceuk babaturanana.
Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil.
Oh, jadi salaki the lalaki laki-laki hidung belang, nyah ?
Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil the pan keur neangan kuring! Tembal is
Ibu.
Dokter jeung ibu-ibu
Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah
Apanan mung 25 rebu? Ceuk saurang ibu-ibu Tina telepon ka saurang dokter
Gigi langganan anakna.
Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik pisan,
Dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur, walon Dokter gigi kalem
Dokter jeung Aki-aki
Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca the, ceuk saurang
Dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
Rematik the panyakit nanahaon atuh Dok ? Ceuk is Aki malik nanya.
Rematik the salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu
Ngalantaranakeunana
Tiasa bae kumargi Aki tos sepuh....
Is Aki gancang motong omongan dokter, Ah ulah sok ngabobodo kitu, abong kena
Ka aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah
Apanan sarua jeung nu kenca?
Pejuang
Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing mani
Ageung, ceuk saurang budak ka indungna.
Ka Neneng naros? Ceuk indungna.
Muhun. Saurna the, Neng.... Bade meser lahang?
SALAH SANGKA
Kareta Api barang nyemprung it wetan ka kulon keun. Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab dagangannana geus beak Kari samarana wungkul. Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum, masinis ngerem kareta api DA disangkana aya bahaya. Terus nolol Tina kaca jandela bari nanya ka tukang lotek: "Aya naon, Bi?" "Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"
> SALAH NGADAHAR UBAR
Aya hiji dokter asli orang Jawa, dines na the di tanah sunda. Puguh weh saban Poe pasien nu datang oge lolobana urang Sunda, kapaksa we kudu bias basa sunda, maklum di kampung. Hiji waktu aya pasien nu keur diubar.
>
> Pasien: "Kumaha aturan dahar na ieu ubar the dok?" Dokter: "Tah ieu, anjing-anjing siji, beurit siji, sesana jeger isuk na."
Atuh puguh weh ETA pasien the bener-bener jeger isuk na DA salah ngadahar ubar.


> BEO PINTER
Tukang beo: Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana. Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!" Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!" Mangga saha anu bade ngagaleuh?!
Nu rek Meuli: Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu it tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok nyarita: Atuh rag-rag uingna, goblog!
ORAY NGAHAKAN LINGGIS
A: "Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?"
B: "Oray paeh."
A: "Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor."
B: "Ari geus oray naon ?"
A: "Oray nu tas ngahakan linggis."
> GELO
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh it ETA rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki. "Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
Lalaki: "Kumaha jalmina?"
Satpam : "Awakna pendek, begang,beurat nakira-kira 200 kg!"
Lalaki: "Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
Satpam "Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna the!">
> NGAJAWAB SOAL UJIAN
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu:
Pigawe tujuh, Tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae Ku Is kabayan mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make implik-implik kieu: Mangga we pilih tujuh, Tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.>
> MEULI KORAN
"Cing pangmeulikeun Koran Harian Tarompet ka parapatan!" ceuk Pa duduh ka jongosna. "Tawar wae Ku maneh hargana mah, biasana sarebu perak oge dibikeun ari geus beurang kieu mah. Tapi bisi keukeuh kudu sarebu tujuh ratus mah beuli wae. Tah, ieu duitna dua rebu."
Teu kungsi Lila jongosna geus norojol, terus masrahkeun Koran ka Pa Duduh. Pokna, "Dipasihkeun ditawis sarebu the, Gan. Anu mawiabdi tiasa meser dua."
> MIHAPE KUDA
Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak: "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir: "Moal, DA ieu mah kudana oge bageur."
Budak: "Sieun nyepak atuh."
Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak: "Moal ah, sieun kabur."
Kusir: "Ih, Is Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk
Emang oge, kuda bageur."
Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan Ku abdi?"
> JURKAM PIDATO
Ngarana oge kampanye, pidato the kudu bari sumanget. Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam keur daria naker pidato bari pepeta.

"Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil pangwangunan Ku urang geus karasa. Jalan leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik dug-deg di mamana; kayaning pabrik Mobil, pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil...
"Pak, kirang es," ceuk asistenna, ngaharewos. Maksudna, lain tektil tapi tekstil.
"Oh enya," ceuk Bapa Jurkam, "jeung pabrik es deuih!"


> MAYAR HASEUP SATELantaran lapar, bus wae Asep Dodoy asup ka jongko tukang sate. "Pang meuleumkeun sapuluh!" pokna bari gek diuk. Sabot sate di beuleum, haseupna mani meleber, kaambeu seungit. Ngadadak rasa lapar leungit. "Mang moal tulus meuli satena oge, da geuning ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh," pok na bari rek ngaleos.>
"Ih, ke heula. Bayar heula atuh," ceuk tukang sate.

Asep: "Naha? Pan teu tulus daharna oge!"
Tukang Sate: "Enya, pan seungitna geus ka seuseup. Jadi angger we kudu mayar."
"Heug atuh," omong Asep Dodoy bari ngodok saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha siki, terus diburulukeun kana piring kosong. Atuh puguh wae sorana teh meni gandeng. "Tah, dibayar ku sorana!" ceuk manehna bari ngasupkeun deui duit kana jero sakuna.



Upgrade your email with Emoticons! Click Here! __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

PENCAK SILAT


Istilah Pencak silat terdiri dari kata majemuk yaitu Pencak dan Silat walaupun ada yang mengartikan berbeda namun pada umumnya sama yaitu seni beladiri yang tumbuh dan berkembang di Indonesia saat ini Penca silat juga diklaim sebagai beladiri khas Melayu yakni Indonesia Malaysia dan Brunei Darusalam

Istilah Pencak pada umumnya digunakan oleh masyarakat di Pulau jawa, madura dan Bali. Aliran Pencak Silat yang bersal dari Jawa barat adalah Cimande, Cikalong, sabandar dan sera. Dari aliran tersebut terangkum dalam suatu sistem yang utuh terdiri dari sejarah landasan sosiologis, strategi, taktik dan teknik. benerapa perguruan pencak silat diantaranya Tajimalela, Mande muda, Manderaga, Pager kencana dll. Aliran pencak silat di tatar Sunda terdiri dari :

Aliran Cimande : Pendiri / pencipta dari aliran ini biasa dipanggil Ayah kahir sering juga dipanggil embah Kaer/ Eyang Khoer. Sekitar tahun 1760 beliau mulai memperkenalkan kepada murid- muridnya oleh karna itu ia dianggap sebagai pendiri penca silat aliran Cimande walaupun pada sejarahnya belum terunggkap secara jelas Embah Kaer yang menciptakan jurus- jurus tersebut. Menurut catatan sejarah dalam naskah Kidung Sunda disebutkan bahwa pada jaman Kerjaan Padjajaran sudah terdapat 7 Penca Silat.

Sisislah para tokoh Cimande diantaranya : Embah Kahir, Embang Rangga, Embah Ace Naseha, Embah Haji Abdul Shamad , Embah Haji Idris, Embah Hajo Ajid, Embah haji Zarqasih, Haji Niftah , Haji, R. A Sutisna

Aliran Cikalong : Sejarah perkembangan aliran Cikalong ( Raden Ateng ) dalah salah satu seorang putra Bupati yang sangat tertarik dengan Pencak Silat yang juga pernah menjadi murid Abah Kahir.Pembinaan fisik dan penggunaan rasa ekspresi banyak persamaanya hanya penggunaanya yang berbeda pada pencak silat dalah olah tubuh dari rasa yang digunakan berdiri sedangkan tari sebagai media ekspresi melahirkan gerak yang menggunakan keindahan nyang dilahirkan oleh jiwa para seniman . Pencak silat sebagai tari dan sebagai kebutuhan estetika / keindahan seni istilah pencak silat di tatar Sunda dikenal dengan istilah buah dan Eusi dan Kembang / ibing penca . contoh ibing pencak yang bersumber dari beladiri cimande adalah tepak dua salancar ( Cimande Tari kolot) Tepak dua sorongdayung, tepak dua buangkelid, tepak dua kampung baru bdan tarian bersumber pada Cimande . Cimande biasanya dibawakan dengan irama tepak dua temponya ancak ( lambat) namun ada yang beraliran irama Paleredan ibingnya bersumber pada aliran Cikalong yang pada umumnya menggunakan irama tepak tilu temponya cepat ( gancang ).

Tepak tilu Cikalong dan tepak Tilu jalamuka dari aliran tersebut banyak kereografi dari aliran Cimande, Cikalong dan sabandar . Karawitan Penca terdiri dari 2 buah kendang besar dan 2 buah kandang kecil ( kulanter) kendang bertugas mengisi gerak serta mengatur tempo sedangkan terompet sebagai melodi , gong kecil sebagai pengatur irama .

Jenis Irama pada dasarnya ada empat yaitu :

1. Tepak Dua

2. Tepak Tilu

3. Golempang

4. Padungdung

Nama lagu dalam penca Tepak Dua, Kembang Gadung, Ayun Ambing, Polos, Gedong Kulon, Tunggul Kawung, Bata Rubuh, Kidung, Sorong Dayung sedangkan Tepak Tilu Ucing-ucingan, Kembang Beureum, Bardin, Sintren, Papare, Bendrong Petit, Gendu, Kapuk Kapas, Garungan, Joher, Maniang, Kacang Asin Oyong-oyong bangkong, Ciwaringin, Mainang.

Pleredan, Ayun ambing, Bela Pati, Sasalimpetan, Buah Kawung Karawang, Gendu, Gaya, Sari, Kembang Beureum, Padungdung, Banon Dari, Kidung, Koleran, Lengleang, Ceurik Rahmana.

Di Kabupaten Bandung tercatat hampir 38 grup pencak silat yang tersebar ditiap Kecamatan dan desa- desa diantaranya grup Panglipur , Pusaka Sinar muda, sari kencana , Sinar pusaka , mekar kencana , wargi medal , purwa panghegar , galur sawargi , putra kiwari , tali kencana dll.

WAYANG GOLEK


Dalam catatan sejarah kemunculan wayang golek semasa Kerajaan Pajajaran ada dua fungsi yaitu

1. untuk upacara ritual yaitu untuk ruwatan

2. untuk hiburan

Wayang golek untuk ruwatan dipakai pada ruwatan rumah, anak, nanggung bugang ( seorang adik yang kakaknya meninggal dunia ), surambi ( 4 orang putra), pandawa lima ( 5 putra ), pandawi ( 5 putri ), talaga tanggal kausak ( seorang putra diapit 2 putri ) samudra hapit sindang ( seorang putri diapit 2 putra ) yang sampai saat ini masih digunakan oleh masyarakat yang mempercayainya.

wayang Golek untuk hiburan dipergunakan untuk upacara dan perayaan khusus seperti khitanan, perkawinan, perayaan karawitan , hari jadi , hari-hari besar dan penyambutan tamu- tamu negara. wayang golek yang dikenal kita dalah wayang golek purwa , wayangnya terbuat dari kayu menyerupai bentuk manusia yang disebut golek oleh karna itu disebut wayang golek. Ada 2 macam wayang golek di tatar Sunda : wayang golek papak( cepak ) / wayang golek menak dan wayang golek purwa . wayang golek adalah bentuk teater rakyat yang sangat populer di masyarakat . lakon- lakon wayang golek memiliki lakon galur dan carangan yang semuanya bersumber dari cerita ramayana dan Mahabrata. Pembawa cerita disebut Dalang sekaligus pemimpin pertunjukan menyuarakan anatwacana , mengatur gamelan, mengatur lagu dll. wayang golek purwa memakai bahasa Sunda , karawitan pengiringnya berlaras salendro yang terdiri dari waditra dua saron , satu peking, satu salentem, satu bonang, satu rincik, satu perangkat kenong, sepasang goong * kempul goong ) dan seperangkat kendang ( satu indung 3 kulanter ) , gambang, rebab, wira suara ( juru alok ), sinden . Kemunculan sinden dalam wayang golek sekitar tahun1920an pada sekitar tahun 1960an yang terkenal diantaranya adalah Upit sarimanah, Titom Patimah sedangkan dalang yang terkenal diantaranya : R.U . Partasuanda, Abah sunarya, Entah Tiryana, Apek Tarkim, Asep Sunandar Sunarya, ade Kosasih, Dede Amung, Cecep Supriyadi dll. Pertunjukan Wayang golek biasanya ditempat terbuka dengan memakai panggung yang ditinggikan ( balandongan ) sehingga penonton dapat melihat satu arah dan berkonsentrasi pada pertunjukannya.

Rabu, 18 Maret 2009

Jalantah


Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can
dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

"Mah lapar henteu?", ceuk Abah

"Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu"

"Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun"

"Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula"

"Tuh aya restoran nu palayana maké robot!"

"Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana"

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.

Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.

Enya waé palayana téh robot.

Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

"What is your nationality?
", robot nanya.

"Indonesia" ceuk Abah.

"Selamat datang", ceuk robot maké bahasa Indonesia.

"Apa bahasa suku Anda?", robot nanya deui.

"Sunda", ceuk Abah.

"Wilujeng sumping. Badé pesen naon?" ceuk robot maké basa Sunda.

"Aya lotek?", ceuk urut kabogoh nanya ka robot.

"Aya"

"Pesen dua porsi"

"Porsi ageung atanapi alit?

"Porsi ageung"

"Sabaraha céngékna?"

"Nu hiji dua, nu hiji sapuluh"

"Nganggo kangkung?"

"Enya"

"Nganggo waluh?"

"Enya"

"Nganggo engkol?"

"Enya"

"Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?"

"Nu mana waé lah", Abah mimiti rada ambek.

"Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?"

"Kumaha sia !"

"Kacangna setengah mateng atanapi mateng?"

"Goréng sing garing!"

"Nganggo goréng bawang henteu?"

"Maké kéhéd!" Abah sesengor tarik pisan.

"Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?"

"Dipiringan !"

"Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?"

"Jalantah kuya !" bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

"Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan"

"Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?"

"Kumargi teu acan aya jalantahna..........."

"Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !"

Di cutat tina www.demsad.multiply.com

Ojeg Setan

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"

Mbah Rewok : " Kuntilanak !"

Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"

Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"
Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali

"Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi

"Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf 'S' contona Senen, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.

Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya

�Malem naon ieu teh kang?"

" Malem SUM'AT.Sssttt!!" tembal kang Panzi bari nyenghel
Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."

Carita Pondok Wahyu Wibisana

DI SADESA Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjugrahna teh. Lain si sombong, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi ge. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum bae.

Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus perak mah sapoena eta kawung teh bisa mere, teu hese-hese. Lakar daek bae ngaropeana.

Ku Aki eta kawung dibere ngaran peringetan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat. Minangka pangeling-eling ka anjeunna, disebut wae Kawung Ratu.

Riwayatna mah kieu eta teh: Baheula, waktu Aki ge ngora keneh, can jaman merdeka harita teh, eta kawung jeunah keneh, can diropea. Ari carulukna mah geus aya, ngan leungeunna can nongtot.

Harita Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu eta mah geus lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.

Saban Aki rek nagenkeun lodong kana kawung nu tilu tea, Aki nga-randeg heula di handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, estu jadi angen-angen pisan, sangkan eta kawung bisa mere pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu: “He Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina rema salira ….

Teuing kalah ku mindeng, teuing memang geus waktuna, leungeun eta kawung teh teu lila nongtot. Ari geus nongtot bet jadi bingung Aki teh, sok sieun sal ah nyigayanana. Da eta kawung teh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh, nyanghareup ka mana waktu Aki melak eta kawung, asa ngaler asa ngidul. Apan sok pundung mun salah nyigayanana mah. Jadi nyigayanana kudu lebah tempat melakna. Upama teu kitu, hamo. Lain omong bebenjon ieu teh, enya, sidik, nurutkeun pangalaman Aki kitu, sotenan.

Ku lantaran poho terus, nya Aki teh tahajud heula, hayang dibere ngimpi ku Pangeran. Hayang kaimpikeun deui teh kalakuan jaman Aki melak kawung eta. Kaliasan bet kaparengkeun. Aki ngimpi. Jeung Aki percaya pisan kana eta impian teh. Dina itungan, Aki melak kawung nyanghareup ka beulah kaler. Jadi nyigayan kawungna oge kudu ti beulah kaler. Aya deui nu jadi pikiran harita teh. Naha ditinggurna kudu keur gumear atawa gumucrak-koneng. Apan beda-beda sipatna kawung teh. aya nu kudu ditinggur waktu kembangna gumucrak-cibeas, gumu_crak-koneng, tumereb, gumear, humeor, lumecir, humangit, malah aya nu kudu geus beukah. Tah eta Aki can nyaho. Tapi nya tungtungna mah dipaparah bae. Waktu keur gumucrak-koneng, mimiti ditinggur.

Ku lantaran marawanan, basa ceg kana leungeunna Aki ngomong kieu: “Nyi Parawan Mandalasari, montong getek montong ngepeskeun, poe ieu teh poe pangantenan urang, perlu cisusu jangeun turunan …”

Ninggurna ati-ati pisan, bakuna mah sieun katinggur heunteu careuhna. Kumaha keh mun -kitu, kana pundung deui bae. Taktage kawung mah kos jelema - eh kos parawan meureun - kudu asak ngolona.

Sanggeus ditinggurna lita, heg diayun. Jeung sanggeus katimbang waktuna, si kembang teh tuluy wae dipagas, dipopok ku legoh tangkalak sabiasa.

Nyeta atuh, ari mimitina mah eta kawung teh bet matak rudet bae. Keur lahangna saeutik teh, haseum beak karep. Ku taksiran Aki, eta kawung keur gering. Eta we da kalah ka gegedoh nu ka luar teh, rujit.

Jeung eta harita, neangan kacembeng, kuat kukulintiran ka ditu ka dieu, weleh teu manggih. Nya kapaksa wae ku daun kanyere. Eta leungeun kawung nu geus dipagas teh, heg disusut ku daun kanyere, ava ulah loba teuing gegedohna. Minangka obat doktorna meureun mun ayeuna mah.

Jaba ti eta, lahangna diraru. Sok akar kawao diasupkeun kana lodongna sanggeus dipuput teh. Gen ditagenkeun dina leungeun kawung. Enya rada saleuheung lahangna teu haseum teuing.

Beuki lila eta kawung teh beuki pikalucueun. Lahangna teu haseum sarta beuki jugrah bae. Sapoe-sapeuting dua lodong teh aya kana dua bonjoreun mah, nitih salodong sabonjor. Mucekil pisan sakitu teh.

TAH harita aya pemundut ti Ratu di nagara teh. Punduh Cakra dina hiji poe datang ka Aki. Cenah, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka unggal somahan ti wewengkon Ta-raju jeung Salawu nu sok nyadap. Di desa Mandalasari nu kapeto teh nya Aki pisan. Tangtu Juragan Kuwu nu nuduhkeunana teh, da piraku Kangjeng Dalem uningaeun onamaning.

Beu ambeu, Aki teh dipundutan ku Ratu geuning, kudu nyieun gula sireum jeung gula kerenceng. Pagawean nu bangga eta teh. Tapi sakumaha banggana oge, da dawuh Ratu, piraku bet dipagak, tangtu diestokeun pisan. Apan cenah “guru-ratu wong atua karo, wajib sinembah.”

Tegesna Ratu nu faoga nagara katut uteuk-tongo-walang-tagana, piraanan mundut gula sireum jeung gula kerenceng,cek Aki teh. Malah bungah nu aya, dumeh kapercaya ku menak ti dayeuh.

Eh poho, eta, nu dipundutan gula di desa Mandalasari teh lain Aki wungkul. Duaanjeung Ki Tasrip nu boga kebon kawung pohara legana. Kawung nu jadi kaagulanana, ku manehna dingaranan Kawung Juuh, eta meureun pedah lahangna juuh pisan, jugrah.

Jigana rek dipriskeun Aki jeung Tasrip teh, mana nu leuwih bisa nyadap jeung nu bisa nyieun gula. Atuh tangtu wae Aki enya-enya mah, sieun eleh, sieun isin ku Ratu.

Kabeneran kawung nu tadi teh keur purug, leungeunna kuat satilu-tilu. Disadap kabehanana. Atuh Aki teh aya harepan, lantaran lahangna geus beunang dipercaya tea. Jadi baris meunang lahang nu hade tur loba. Cek angkanan harita, upama Aki meunang pris ti Ratu, Kangjeng Dalem, eta kawung teh rek dingaranan Kawung Ratu.

Dina enggoning nyadapna harita, estu sagala elmu Aki pamere ti nini-aki diketrukkeun kabeh. Boh jangjawokan boh kias-tarekahna sangkan meunang lahang loba tur alus, kabeh dijalankeun. Ieu teh awahing hayang kaanggo ku Ratu bae.

Waktu lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharewoskeun jangjawokan. Kitu deui waktu geus rumamat.Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu dicitak, lantaran apan rek nyieun gula ke-renceng jeung gula sireum tea.

Sajeroning ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, menta sangkan gulana kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula kerencengna.

Taksiran paneda Aki teh diijabah. Eta bae hasilna cek Aki mah estu nyugemakeun pisan. Tuluy ditorosan dihade-hade, sangkan engke di mana aya nu ti desa, kari sok.

Waktu Ki Punduh Cakra datang rek nyokot gula haturan Kangjeng tea, bari ngasongkeun teh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambeh gulana dipiasih ku Ratu, kamanah ku menak.

Lila Aki ngadagoan beja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poe, Punduh Cakra datang deui.

Pokna: “Ki Sukarma, gula kerenceng jeung gula sireum teh geus katampi ku Kangjeng Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. leu kuring masrahkeun suratna …”

Bari ngadegdeg Aki nampanan eta surat. Aksarana aksara Sunda. Heg ku Aki dibaca. Mun teu salah kieu unina teh:

“Ki Sukarma di Babakan Kiara, desa Mandalasari. ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira Tanu Ningrat, mere beja yen gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadena.

Dina ieu surat kaula mere duit, lumayan pikeun dipake jimat ….”

Kitu asana eta eusi surat teh. Enya eta surat teh dibarengan ku duit sabenggol. Bener sabenggol, teu kurang teu leuwih.

Upama diitung ku harga gula mah, duit sabenggol teh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi ngingetkeun, yen eta duit teh - sanajan ngan pangaji sabenggol - citresna ti nu jadi Ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yen eta duit kudu dijieun jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.

Ti harita kawung nu tadi teh dibere ngaran Kawung Ratu. Kabeh urang desa Mandalasari, nepi ka desa Puspahiang oge geus nyarahoeun, yen Aki meunang pris. Pris kahiji malah di sa-Salawu oge.

Dina hiji peuting bet eta kawung teh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita, eta kawung teh bet leungeunan sarta sirahna saperti awewe, pohara geulisna. Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tapi kawung. Ngong eta burok kawung teh ngawih anu maksudna menta ka Aki persenan ti Ratu.

Anggeus ngawih, ana korejat Aki hudang. Bet make muringkak bulu punduk. Inget harita malem Jumaah kira wanci janari leutik.

Kaganggu ku mikiran impian, Aki teu sare deui. Nyileuk bae. Ceuk hate: Enya Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng teh mundut persenan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus dipikir dibulak-balik, gilig we hate teh, yen duit sabenggol nu ti Ratu tea, rek dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu oge, hakna.

KACARITAKEUN isukna, rebun-rebun keneh, Aki geus indit bari mawa duit benggol, rek ngajalankeun niat tea. Tah harita meunang kareuwas nu pohara teh. Ti kajauhan geus katembong, yen di handapeun Kawung Ratu aya 12jelema. Ana dilelek-leiek, geuning eta jelema teh nu rek deleka, da keur ngagedek bae nuar Kawung Ratu. Nataku Aki sewot na, serepet nyabut bedog panjang bari ngagorowok:

“Sia rek nuar kawung aing, hah? Hayang dicacag?”

Jelema nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manehna teh Ki Tasrip tea. Enya Ki Tasrip nu eleh pris tea. Tah barang manehna neuleu beungeut Aki, gancang manehna mabur, lumpat tipaparetot. Ku Aki meunang sawatara pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cek ingetan karo-karo burung. Tuluy we balik deui kana kawung.

Diilikan tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu teh, hadena can pati jero. Leuh diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung teh. Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di desa, malah julukan Kawung Ratu oge geus kawangikeun, Piraku we mun teu meritegeg upama aya nu nuar teh.

Kaharti ku Aki, Ki Tasrip teh sirik, pedah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuh-na eleh ku Kawung Ratu. Art kituna mah, nya sarua wae meureun jeung Aki, manehna oge hayangeun kamanah ku menak, hayang kaanggo. Tapi nasib hade aya di Aki. Banget-banget Aki nganu-hunkeun ka Pangeran jeung ka para karuhun nu ngawaris jangjawokan jeung elmuning kias tarekah tea.

Estu jadi udagan Aki, iadi udagan sarerea, hayang jadi somahan anu hade teh. Da ngarumasaieun hirup digeugeuh ku menak. Maksud Aki teh di dunya. Jadi fay a barang kinasihan, upama dipundut atawa dipika-palay ku nu ngaheuyeuk nagara mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan.

Katurug-turug Aki percaya pisan, yen dawuh Ratu mah sok saciduh metu, sabda menak sok saucap nyata tea. Aki yakin, ku kaanggona gula kerenceng jeung gula sireum tina Kawung Ratu, bakal aya karasana kana kahirupan Aki. Buktina eta Kawung Ratu teh beuki jugrah bae lahangna.

Tah nya; kacaritakeun duit benggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki di-asupkeun kana hate Kawung Ratu. Mimitina mah rek di beh handap bae, kabeneran aya urut kampak tea. Ngan dipikir, bisi aya nu manggih-an. Ku lantaran kitu terekel naek kana sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, heg molongoan tangkalna, bes benggol teh diasupkeun ban ngomong:

“leu Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi ..,.”

Ti harita Kawung Ratu teh dieusi benggol jimat. Aneh karasana ku Aki asa aya komaraan sanggeus kitu teh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cekhate.

Isukna Aki meunang beja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung maneh dina tangkal Kawung Juuh. Inna lillahi, cek hate. Manehna .maot lantaran eleh pris meureun. Eleh berjuang cek basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu. Teu ngabibisani, cacak mun Aki eleh oge, kana kawas manehna. Ngan teuihg ketang ari kudu ngagantung maneh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somah-an nu hade mah, pasti aya.

UJANG, NYAI, geuning maraneh teh ngabandungan omongan Aki bangun pogot kitu? Naha rame pangalaman Aki teh? Asa teu pira pila-kadar ngadongengkeun kawung! Panjang sotenan dipanjangkeun ku Aki, itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.

Jigana, tangtu Ujang-Nyai oge boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan - rayat meureun cek basa ayeuna mah - nu hade. Enya? Pi-raku bae mun henteu teh. Ari lantaranana apan urang hirup teh estu ka-purba ku menak. Cek ayeuna mah meureun ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki yakin pisan, yen tangtu sarua, mo beda. Upama geus beda, nya bengkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malung-kir ka nu jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!

Ku lantaran kitu, waktu dina hiji poe Aki kadatangan jurungan ti kacamatan, yen Juragan, eh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki teh estu disanggupan pisan. Ras inget ka jaman baheula. leuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi menak teh. Teu pedah jaman baheu_la teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua bae. Menak mah menak bae, sanajan ayeuna geus ganti ngaran oge, da hakekatna mah moal beda.

Kira dua minggu ka tukang, waktu Aki neang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman nu matak ngajenghok. Nya eta deukeut tangkal kawung geus aya calecer. Beu, cek hate, .tangtu ieu teh calecer ti Desa nu rek ngalegaan jalan. Ari disidik-sidik, sihoreng calecer teh ayana beh ditueun kawung. Harita Aki ngaheruk lila pisan, ret kana

Kawung Ratu, ret kana calecer.

“Emh, deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun maneh teh bakal di-tuar dajalan rek digedean,” cek hate. Nya eta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu teh jadina meh dina kuta pisan, jadi kasipat ku calecer tea.

Pohara Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana parentah ti desa. Mangkaning kawung Aki teh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul. Jadi pikeun nedunan pamundut ti Kaca-matan, Aki satadina mah ngandelkeun ti Kawung Ratu. Tapi harita rek dituar, titahan ti desa.

Art nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Desa jeung Kacamatan teh sarua bae kudu diturut parentahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua menak nu wajib sinembah tea.

Aya nu matak ngarugikeun Aki teh. Nya eta tipama parentah ti Desa diturut. Atuh meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da eta parentah nu kudu diturut.

Upama teu diturut, beu aya kudua atuh Aki teh nyontoan ka nu ngaro-ra. Apan tadi ku Aki geus dicaritakeun, yen upama kitu, bengkok sem-bah tea. Eta Aki teu niat, bararaid teuing!

Tapi Aki perlu ku eta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut ti Kacamatan tea. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, tapi eta pamundut ti Kacamatan.

leuh Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari pakasaban Aki …. Ah, nyeta atuh Ujang, Nyai, sabener na Aki butuh pisan ku eta kawung teh. Eta teh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh eta kawung meureun Aki beuki kokoro.

Jadi sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, boh pikeun kahirupan Aki sorangan.

Beuki dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bareng jeung paren_tah ti Desa sangkan Kawung Ratu gancang dituar. Duanana parentah ti menak, duanana kudu diturut.

Ari peuting tadi bet eta Kawung Ratu teh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki mah boga anggapan, yen eta kawung teh lain saka-wung-kawungna, estu titisan Nyimas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Dewi Sri urang kayangan. Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadep eta kawung, pohara enya-enyana, dipusti-pusti pisan cara ka jelemabae.

Enya, eta kawung teh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manehna nembongan ngarupakeun hiji putri nu make pakean sing sar-wa bodas. Heg ngagupayan ka Aki. Ari disampeurkeun, bet kadenge manehna ngawih, pokna:

“Pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring digupay ku langit,

pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring ditundung ku bumi.”

Jigana mah geus terus rasa ka manehna, yen moal lila deui manehna rek dituar mana kaimpikeun kitu oge. Geus boga wirasat, yen lalakonna tereh tamat.

Impian peuting kamari meureun minangka iber pileuleuyanana.

Aki jeung manehna tereh papisah. Beurat puguh ge. Ngingetkeun geus kalilaan babarengan, sakaduka-sakasuka, asa jeung dulur pet ku hinis bae.

Ayeuna Aki pohara baluwengna, sabil nu taya papadana. Ras inget Kawung Ratu daek teu daek kudu dituar. Leuh, mun dituar teh meureun sarua jeung maehanjelema, cek Aki mah. Dosa jeung teu kaduga.

Coba kumaha timbangan Ujang jeung Nyai, lamun maraneh nyangha-reiipan perkara kieu? Inget kana papatah “guru, ratu wong ‘atua karo wajib sinembah,” inget kana pangabutuh sorangan jeung inget yen nu kudu dituar teh Kawung Ratu pisan nu ku Aki dianggap jelema nu boga nyawa.

Ayeuna lalay geus mimiti ka luar. Geus meh sareupna. Nyanghareup-an peuting, engke, pohara wegahna, lantaran isuk kudu aya putusan. Isuk gagasan leungeun kawung geus waktuna dibuka, lahangna geus kerep nyakclakanana. Pamundut ti Kacamatan bisa ditedunan upama Kawung Ratu teu kudu dituar.

Rek kumaha ieu leungeun Aki isukan? Naha ngecekkeun kampak kana tangkalna nepi ka kawung jadi pogor atawa nagenkeun lodong kana leungeun kawung …. Eta can kapikir ku Aki, tapi kuma isuk bae. Engke peuting Aki rek mikir.

KITU kira-kira obrolan Aki Sukarma ka kuring kamari teh. Nyaritana estu binarung rasa jeung dareuda hate. Persualan nu disanghareupana-na pohara beuratna. Kuring ge teu bisa mutuskeun kudu kumaha ma_nehna teh, naha kudu nyadap atawa kudu nuar kawung.

Tapi poe ieu pisan, tadi isuk-isuk, manehna geus mutuskeun sorang_an. Manehna geus ngajawab persoalanana pribadi. Jigana mah meu-nang mikir sapeupeuting. Yen kudu kitu.

Tadi isuk-isuk, kuring bareng jeung urang kampung Babakan Kiara ngahaja nepungan manehna ka Kawung Ratu.

Barang datang ka handapeun kawung, meh kabeh taya nu kuat tanggah. Kabeh ngaheruk.

Ret kuring kana tangkal kawung. Aya tapak ngadek, tapi can patijero. Kampakna ngagoler dina taneuh, teu jauh tina puhu sigay. Sanggeus kitu lalaunan panenjo kuring mapay sigay ka luhur suku Aki Sukarma geus ngagulayun.

Cek hate: Poe ieu geus leungit hiji tukang nyadap kahot nu geus ka koncaradi desa Mandalasari anu ngaran Aki Sukarma.

Jeroning kitu kuring asa ngadenge nu ngawih ti lebah tangkal ka_wung. Sorana gaib naker:

“Pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring digupay ku langit,

pileuleuyan, pileuleuyan,

kuring ditundung ku bumi ….”

Tina Sawidak Carita Pondok / Mangle No. 67 Bulan Mei 1963

Selasa, 17 Maret 2009

Kabanggan Warga Jawa Barat



Persib Bandung nyaeta club Sepak Bola nu jadi panutan ampir sakumna warga Jawa Barat,,
club nu lahir dina taun 1933 ieu kungsi jadi jawara di taun 1993, PERSIB teh ngagaduhan suporter anu kacida fanatis namin nyaeta BOBOTOH atawa nu katelah oge ku nami VIKING.
Di Kompetisi taun 2008-2009 club nu di cepeng ku Jaya Hartono mi boga harepan pikeun jadi jawara,mudah-mudahan wae eta harepan teh jadi ka nyataan. Supados urang saluka warga Jawa Barat bangga ka PERSIB BANDUNG.....